ISMA – Carita Pondok atawa Carpon Sunda mangrupakeun karya sastra wangun lancaran atawa prosa. Carpon Sunda teh asup kana karya sastra wangun prosa modern. Conto karya sastra wangun prosa modern lianna nyaeta sapertos novel.

Salaku nonoman, Marni ngarasa hirup téh gedé pisan hartina. Mun seug manéhna mumul nyiar élmu, rék pikumahaeun nasib kahareupna. Saprak lulus SMA, wanoja ieu teu riweuh nyiar pagawéan, da basa diuk dibangku kelas dua belas kénéh, manéhna geus boga pacabakan anu ngahasilkeun. Mantuan ngawuruk iqro’ di madrasah saba’da ashar, buruh tiap bulan na teu badag, tapi nya syukuran wé ka Gusti, aya keur jajan jeung meuli kabutuhan sorangan waé mah.

Mun seug aya leuwihna, Marni tara poho méré kanu jadi adina. Babaturan icikibung ngasupkeun surat lamaran gawé ka PT, sababaraha urang aya nu katarima, sawaréhna nya kitu téa ngégél curuk (teu ditarima perusahaan sabab hiji jeung lain hal anu teu minuhan syarat).

“Marni, teu hayang gawé di PT, kitu?”

Marni teu ngawalon, manéhna tibang mésem, bari gideug.

“Ih naha? Gajihna gedé, jaba meunang tunjangan itu-ieu.” Lastri héran, kadua halisna tepung.

“Ari nempo kana gajih jeung tunjangan mah nya kabita, tapi da geuning asup ka PT téh kudu ngaluarkeun heula modal mun hayang gancang katarima mah. Jaba modal na gé teu cukup kuduit puluhan rébu, kapan Lastri gé méré tilu juta ka calo?! Kuring boga duit timana? Bisa dahar unggal poé gé geus Alhamdulillah, syukuraneun. Da kapan niat gawé téh sangkan meunang duit, ari ieu kudu ngaluarkeun duit anu teu saeutik. Pimanaeun? Salian ti éta, emak jeung bapak kuring teu méréan kuring digawé jauh. Melang ceunah.”

“Enya sih, tapi da duit tilu juta mah kagentian deui ku gawé dua atau tilu bulan gé. Émang betah ngurus budak batur, bari gajih teu sapira?” Pasemon Lastri bari rada sinis.

“Ari kuring mah resep ka budak leutik téh, najan kadang mah ngeselkeun, ngahanakeun, carékeun, tapi da mun teu abus sapoé sok ngarasa sono. Sok pada naranyakeun, malah aya nu nepi nyampeur ka imah sagala. Soal gajih leutik, teu jadi masalah nu penting barokah. Kapan barokah mah ceunah; saeutik karasa nikmat, loba teu matak nyilaka keun.” pungkas Marni.

“Oh kitu, kuring indit digawé heula nya, Mar!” Marni tibang unggeuk, laju Lastri indit.

Jam setengah genep isuk, Marni geus siged sasapu di buruan imah. Hayam jeung bébék mulai ngalencar nyiar dahareun. Si jalu, masih kénéh kongkorongok mapag poé anu halodo. Tutuwuhan ngarigel katebak angin nu ngadalingding, ciibun sing karenclak maseuhan taneuh.

“Marni, cik pang naheurkeun cai.” Bapak ngagorowok tibelah kulon.

“Muhun mangga, Pak.”

“Yeuh hu’utna sakalian tinyuh nya. Teu kudu ngagolak, asal panas wé caina.” Marni unggeuk, gancang ngagidig ka dapur ngalaksanakeun tugas tinu jadi bapak.

Di jaman kiwari, kasebut langka aya wanoja umur dalapan belas taun, anu teu pulah-pilih nyabak pagawéan, Marni kasebut wanoja anu hampang birit. Saréngsé na ninyuh hu’ut keur parab hayam jeung bébék, Marni nuluykeun sasapu di buruan imah.

“Pak, engkin tabuh salapan kuring ijin angkat ka bumi réncangan, nya?!” Bérés sasapu, Marni nyampeur keun bapakna anu keur nuar tangkal cau.

“Na badé aya acara naon?”

“Éta, aya kempelan sareng réncangan anu pada-pada resep nulis.”

“Oh, enya hég. Tapi ulah burit teuing mulangna, bisi hujan.”

“Muhun, Pak! Paling ba’da ashar tos uih deui, engkin Marni ngabantun pajeng da.” Bapak unggeuk, Marni atoh, seuri na marahmay.

Di pawon, emak keur sibuk ngarompésan daun kangkung. Marni, nyampeurkeun bari mawa ayakan leutik.

“Sawios ku Marni wé, Mak! Emak mah, ngagoréng tahu sareng asin selar.”

“Nya heug, kadé batang nu kolot na mah ulah di arah, Nyi.”

“Muhun mangga.” walon Marni.

Haseup pasakan mulikbek diluhureun para seuneu, ambeu asin selar asa nyiwitan liang irung, cacing na jero beuteung geus kokocéakan ménta jatah mumuluk.

Sabérésna pakpikpek di pawon, emak, bapak, Marni, katut kadua adina mumuluk di ruang tengah imah. Waktu geus ngaluluh taneuh, Marni gancang abus ka jamban, sabérésna mersihan awak éta wanoja téh ngageulis di hareupeun eunteung.

“Mak, kuring pamit angkat ka bumi réncangan heula nya, aya kempelan.”

“Kadé, Nyi. Ulah burit teuing balikna, bisi hujan.”

“Ba’da ashar gé Insyaa Allah tos uih. Nyai ngabantun pajeng da, Assalammu’alaikum.” ceuk Marni bari nyium leungeun indungna.

“Wa’alaikumsalam ….” walon emak.

**

Di rorompok Kang Murod.
Jam salapan pas, tengah imah na geus dipinuhan ku para nonoman. Awéwé lalaki, kaasup Marni geus nepi éta tempat. Cai na kétél katut caneuteun ngalayah ditengah imah, Kang Murod ngahaja nyayagikeun jang para tamuna.

“Sok di laleeut atuh, da ieu mah sanés kuéh deĺéh.” ceuk Murod bari sempal guyon.

Tamuna nu lalaki nyalakatak, ari awéwé mah rada jaga iméj kur tibang seuri mésem. Béda jeung Marni, diluar mah sok sa ayana wé tara loba jaga iméj, komo jeung babaturan komunitas nu geus lila wanoh. Sok loma wé ngobrol gé, manéhna mah.

“Sok, ayeuna saurang-saurang bacakeun sajak karyana masing-masing.” Murod muka guneman.

“Aduh isin ah abdi mah, Kang.” ceuk Éci bari beureum pipina.

“Anggap wé nu nongton téh tunggul kuburan.”

“Atuh sieun, Kang. Rarasaeun keur nyekar, ai hareupeun tunggul mah. Huahanaha ….”témbal Ryan bari ngahahah.

“Oh ulah tunggul atuh, anggap wé penonton téh bonéka.” ceuk Murod ngumpamakeun.

“Saha heula, Kang?” tanya Marni.

“Di pilih ku kuring, sok ayeuna mujib heula bacakeun sajakna.”

Mujib muka salembar kertas bodas, eusina sajak jieunan tadi subuh. Barabat manéhna maca, bari leungeun na pepeta. Bérés Mujib macakeun sajak, nulian na kaleprok ngaaprésiasi.

“Hadé euy sajakna, sok ayeuna giliran Marni bacakeun sajakna.” sambung Murod.

“Kang wios teu? Abdi macana badé diselingan ku maén karinding.” tanya Marni, bari némbongkéun awi leutik nu geus meunang ngabentuk.

“Sok bébas didieu mah, rék macana di ilustrasian ku gitar atawa alat musik lain na gé mangga téh teuing.” jawab pribumi.

Prung!
Marni maén keun karinding. Teu lila ti éta, laju nonoman Cianjur téh macakeun sajakna. Murod, jeung babaturan Marni sing perelong nyakséni. Keprok sing kaleprok, sabada Marni nutup sajakna ku ngucapkeun “hatur nuhun”. Berés Marni, di sambung ku nu lianna macakeun sajakna séwang-séwang. Teu karasa waktu téh nyérélék, dur sora bedug ti kajauhan.

“Di tampi, Kang. Klepon na meuni raos, damelan saha.” ceuk Éci bari nyokot kuéh klepon na piring beling.

“Damelan pun bojo, Ci. Sok atuh di laleeut tah kuéh sareng cai na. Sa aya-aya wé nya, tong isin-isin.”

Marni jeung nu lianna nyaraneut susuguh ti Murod, teu kungsi lila ngong adzan. Geuwat kabéhan nana muru ka cai rék wudhu, nu lalaki arindit ka masigit, nu awéwé ka mushola di tukangeun imah Murod.

Jarum jam geus nincak kana angka hiji, saba’da sholat barudak komunitas asuhan Murod ngumpul ngariung deui di tengah imah. Barabat Murod ngaguar ngeunaan rupa-rupa sajak jeung contoh-contohna; sarupaning sajak modern jeung klasik.

“Tah kur sakitu nu bisa di tepikeun materi ngeunaan sajak téh, nepi kadinya aya nu kurang ngarti? Sok mangga saha nu badé naros?” Murod méré kasempatan ka junior na anu kurang nangkep kana naon anu di tepikeun.

“Atos cekap, Kang! Kahartos ….” kompak juniorna ngawalon.

“Syukur ai kahartos mah, urang tutup waé diskusi sastra ieu ku macakeun hamdalah sasarengan. Alhamdulillahi robbi ‘alamiin ….” pungkas Murod di tuturkeun juniorna ngucapkeun hamdalah.

**

Di tèras imah Murod, lalaki jangkung leutik ngotrét keun kayu api, laju di sunutkeun kana sabatang roko, haseupna ngelun luhureun sirah. Katémbong buukna galing nanceb, warna kulit kacoklatan, panona lir ibarat bola ping-pong. Teu kungsi lila, Marni diuk gigireun lalaki éta na bata téras, manéhna ngaluarkeun deui karinding. Prung di paénkeun éta barang téh, sorana sarupa jeung wereng atawa tongérét. Ceuk paribasa jaman kiwari mah ceunah jenis sora ultrasonik.

“Towèwèw … towéwéw … towèwèw!” Marni anteng naker maénkeun éta karinding, rét si lalaki digigireun na ngarérét tuluy nempokeun Marni.

“Punten, téh!”

Marni ngalieuk, randeg manéhna ereun, tuluy ngawalon.

“Kumaha, A?”

“Itu téh apa?”

“Oh ini karinding.”

“Karinding, unik pisan téh. Susah gak mainnya?”

“Yah kalau semisal dilatih tiap hari, dan terbiasa pasti mudah.” walon Marni.

“Kenalin nama abdi Hapid.”

“Oh, saya Marni. Aa dari mana? Sepertinya bukan dari Cianjur?” Marni ngasongkeun leungeun katuhu ngajak sasalaman ka éta lalaki nu ngarana Hapid téh.

“Saya dari NTT.”

“Nusa Tenggara Timur? Wah jauh sekali yah, di Cianjur tinggal sama siapa?”

“Saya tinggal sama kakak ipar di Cianjur, saya tertarik sama itu.” jawabna bari nunjuk kana karinding.

“Oh iya.” Marni singket.

“Tétéh sepertinya asli Cianjur? Saya penasaran sama semua tentang Cianjur, terutama literasi klasiknya.” regot Hapid ngaregot cikopi.

“Wah keren, orang sebrang penasaran dengan seluk-beluk Cianjur. Ini sesuatu yang antik, banyak pribumi yang menutup mata dan telinga, jika diajak berbincang mengenai hal klasik berbau kesusastraan atau babad sunda.”

“Iya téh, asli saya antusias jika tétéh berkenan mengajarkan saya semua itu. Justu selama saya di Cianjur, baru kali ini saya liat remaja Cianjur yang unik kaya tétéh.”

“Unik? Maksudnya?” Marni kerung.

“Yah unik lah, masih mau melestarikan kesenian tradisional sunda, kaya mainin karinding ini. Remaja lain kan mana mau? Jangankan mau, kenal juga enggak sama barang ini.” Hapid muji bari kot nyokot karinding dina leungeun Marni, tuluy diilikan.

Marni tibang imut, meunang tanggapan nu hadé ti Hapid. Jung Hapid nangtung, tuluy ngasongkeun deui karinding ka Marni.

“Nomer hp tétéh ada di grup komunitas, kan?”

“Ada, namanya Marni.” Hapid unggeuk, suo asup deui ka jero imah Murod, tuluy Marni gé asup nuturkeun lalaki nu anyar dipikawanohna sababaraha menit katukang.

Geus wareng nyaneut, nyarita, jeung seuseurian mah kabéh tamuna Murod pamit mulang, kaasup Éci, Mujib, Marni, jeung Hapid. Tuh geuning, poé ayeuna Marni meunang élmu anyar ngeunaan literasi, tina hasil riungan di imah séniorna. Da kapan ceunah ceuk Marni gé; élmu mah meunangna teu kudu di bangku sakola waé!

Satutas ti acara riungan éta, Hapid rajeun komunikasian jeung Marni, via whatsapp. Taya lian jang nanyakeun ngeunaan sejarah Cianjur, literasi klasikna, jeung sajabana. Untung wé ti leutik kénéh Marni resep tatanya ka kolotna, ogé sok getol maca ngeunaan babad sunda di Cianjur.

Pas meunang runtuyan pertanyaan ti Hapid, Marni teu poékeun teuing. Salian ti éta, malah Hapid mah ceunah kataji ku sora karinding, jeung aksara kaganga. Hayang ménta pan ajarkeun ka Marni. Salila manéh na mampu, ieu nonoman nu biasa di calukan “Nyai” téh, ngahayu manggakeun wé. Diajar sasarengan; pok na dina tungtung telepon.